Kamis, 21 Juni 2012

Tenda

Basa kemping, dadang jeung dudung saré duaan dina tenda leutik. Tengah peuting Dadang ngahudangkeun Dudung .


Dadang    : "Dung... Dung... hudang dung....!!"
Dudung    : "Naon atuh, Dang ? uing keur ngenah saré digeuingkeun
                    !"
Dadang    : "Ih, Uing mah rék nanya serius yeuh, tuh tingali di langit         
                    loba bintang. Nyaho teu naon hartina ?"
Dudung    : "Lah, duka teuing atuh! Da uing mah can kungsi diajar
                    ngaramal bintang! ari kitu kunaon ?"
Dadang    :"Belet gening manéh mah!! hartina tenda urang aya nu
                   maok!!!!" 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar